13 Kata-Kata Perpisahan Bahasa Sunda yang Sedih

Perpisahan selalu jadi momen yang penuh dengan campuran emosi, mulai dari sedih, haru, hingga kenangan yang terus terbayang di benak. 

Dalam kehidupan, kita sering kali harus menghadapi kenyataan bahwa semua yang ada di dunia ini sifatnya sementara, termasuk kebersamaan dengan orang-orang yang kita sayangi. Entah itu sahabat karib yang selama ini selalu ada di samping kita, anggota keluarga yang tak tergantikan, atau pasangan yang selama ini menjadi tempat berbagi suka dan duka. 

Dalam situasi seperti ini, sering kali kita kehabisan kata-kata untuk mengungkapkan perasaan yang mendalam. Tapi, dalam bahasa Sunda, ada banyak kata-kata perpisahan yang bisa menggambarkan kesedihan dan kerinduan itu dengan sangat indah dan penuh makna. 

Kata-kata ini bukan hanya sekadar rangkaian huruf, tapi juga menjadi cerminan dari hati yang tulus dan perasaan yang begitu dalam. Melalui kata-kata ini, kita bisa sedikit mengurangi beban di hati dan mengungkapkan apa yang selama ini sulit diutarakan.

Dilansir dari berbagai sumber, berikut kumpulan kata-kata pidato perpisahan dalam bahasa sunda yang sedih dan penuh makna.

1. Contoh Pidato Perpisahan Lulusan SD

Assalamualaikum wr. Wb

Langkung tipayun sim kuring asmana Guru-Guru SD Negeri seja ngahaturkeun rebunuhun laksa keti kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu tayahinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asaditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok,patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas 6 ieu.

Para Ibu, Bapak sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaetaseja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki.Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpabeja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna paraIbu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola,nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik, diatik,dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu 6 taun parantoskalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuansareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususnakanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna,agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.

Namung dina hal ieu sim kuring asmana guru-guru neda sihampuntena boh bilih dinasalami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana ayadina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng ibu guruteh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna.Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama,parantos anjog kana waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolahdasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan.

Para Ibu Bapak sadayana kumargi kitu, sim kuring asmana guru-guru sadayana sejanyanggakeun, sejak masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurnasausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar,ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, kalepatanana sinareng kakirangananasumangga nyanggakeun.

Para Ibu Bapak sadaya kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anubade paturay tineung, tambi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang,sasieureun, sabeunyeureun, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah,kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.

Ujang, Nyai,.. hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupaykelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakalpisah sareng bakal pajauh.

2. Contoh Pidato Perpisahan Lulusan SMP

Assalamu’alaikum Wr Wb.

Bapak Kepala Sakola anu ku simkuring dipikahormat, bapak sinareng ibu guru oge staf Tu anu ku simkuring dipikahormat, para tamu oge orang tua murid nu nu simkuring dipikahormat, oge teu hilap kabeh rerencangan anu ku simkuring dipikanyaah.

Langkung tipayun hayu urang sanggakeun puji oge syukur ka gusti Allah SWT anu parantos maparin nikmat sehat ka urang sadayana poe ieu janten urang tiasa kempel di tempat ieu dina raraga acara Paturay Tineung murid kelas 9 SMP Islamiyah Cipali.

Mugia sholawat sinareng salam salawasna dilimpahkeun ka nabi Muhammad SAW, kulawarga, para sahabat, ulama, oge urang salaku umatna. Aamiin.

Hadirin sadayana, anu namina waktu teh asa nyeak ari tos dilangkungan mah. Teu karaos 3 taun tos kalangkung ku abdi sareng rerencangan sadayana. Ieu artina, kami teh bade izin ninggalkeun ieu sakola nu tos janten rorompok kadua.

Salami nuntun elmu di sakola, pasti wae seueur kasalahan nu diperbuat. Kusabab eta, abdi ngawakilan rerencangan saangkatan nyuhunkeun hampura. Tos pasti, kasalahan ti ibu sareng bapa guru atos dihampura ku kami.

Oge teu hilap nuhun parantos jadi nyeepkeun waktu, tanaga, sareng pikiranna kanggo ngawulang abdi sadayana. Mugia elmu na tiasa mangfaat kanggo abdi sadayana tur janten amal jariyah kanggo bapa sareng ibu. Aamiin.

Mung kitu wae nu tiasa abdi dugikeun. Hampura bilih aya kasalahan kata anu teu merenah da manusa mah tempat salah. 

Hatur nuhun.

Wassalamu’alaikum Wr Wb.

3. Contoh Pidato Perpisahan Lulusan SD

Assalamu’alaikum Wr Wb

Alhamdulillahirabbil’ alamin wabihi nasta’in ala umuuriddunya waddin wassholatu wassalamu ala asrofil anbiyaai walmursalin. Amma ba’du.

Hadirin sadayana, tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Illahi Rabbi anu parantos ngagerakeun urang sadayana sangkan tiasa kempel riung di tempat ieu dina raraga acara Perpisahan Murid kelas 6 SD Negeri 7 Cigalontang.

Sholawat miwah salah oge mugia salawasna dilimpahcurahkeun ka junjunan urang sadayana habibana wanabiyana Muhammad SAW. Oge ka kulawarga, sohabat, para ulama, dugi ka urang sadayana salaku umatna nu mudah-mudahan beriman dugi ka poe akhir. Aamiin.

Hadirin sadayana anu ku simkuring dipikahormat,

Nepangkeun nami abdi Iman Sulaiman salaku perwakilan ti angkatan 57 SD Negeri 7 Cigalontang nu ngagaduhan ieu hajat perpisahan. Teu karaos salila genep taun lamina abdi sareng rerencangan sadayana aya di sakola ieu. Ieu artina, abdi sareng rerencangan teh bakal papisah ti sakola ieu.

Abdi ngawakilan rerencangan saangkatan bade ngahaturkeun nuhun ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngawulang abdi sadayana salami 6 tahun. Mugia kabeh elmu anu dipasihan ti ibu sareng bapa maslahat kanggo kahirupan abdi sadaya. Oge mugia janten ladang ibadah kanggo ibu sareng bapa.

Mugia sagala kasaean bapa miwah ibu guru menangkeun walesan di gusti Alloh. Aamiin.

Mung sakitu anu tiasa abdi sampaikeun ngawakilan rerencangan saangkatan. Kirang langkung nyuhunkeun pangapunten. Kasalahan mah milik abdi, kasampurnaan mah milik Allah.

Hatur nuhun.

Wassalamu’alaikum Wr Wb.

4. Contoh Pidato Perpisahan Lulusan SMK

Bismilaahirrohmanirrohiim

Wilujeng enjing, hadirin sadayana.

Ibu Kepala Sakola nu ku simkuring dipihormat, Ibu sareng Bapa guru nu ku simkuring dipikahormat, oge para staf TU nu ku simkuring dipihormat, para orang tua sareng wali murid nu ku simkuring dipihormat, oge rerencangan sadaya nu ku simkuring dipikadeudeuh.

Nu pertama jeung nu langkung utama, hayu urang manjatkeun syukur ka Gusti Nu Maha Esa anu parantos nakdirkeun urang sadayana kempel riung dina kaayaan sehat walafiat dina raraga acara Paturay Tineung murid kelas 12 SMK Negeri 5 Jajargaluh.

3 taun nu tos kalangkung, ka sakola teh ya ku malesna. Asa beurat ngalengkahkeun suku kanggo siap-siap ka sakola. Tapi dipaksakeun wae da butuh kana elmuna. Teu karos ayeuna tos tamat, tos aya dina acara Paturay Tineung.

Dina kasempatan ieu, simkuring ngawakilan rerencangan sangkatan bade ngadugikeun tilu hal nyaeta:

Hiji, nuhun ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngawulang abdi sadayana salami tilu taon ieu. Mugia elmu na mangpaat kanggo abdi sadaya jeung mugia jadi ibadah kanggo ibu sareng bapa.

Dua, abdi ngawakilan rerencangan nyungkeun pangampura karna pasti loba kasalahan nu teu kaitung tos dilakukeun ku abdi sadaya.

Tilu, wilujeng kantun bapak ibu sadayana. Abdi sadaya bade ngantunkeun ieu sakola. Nyuhunkeun piduana mugia tiasa neruskeun kawajiban nungtut elmu.

Hadirin sadayana,

Mung sakitu nu tiasa didugikeun ku abdi. Nyuhunkeun pangapunten bilih aya kasalahan kata atanapi polah.

5. Sing ikhlas jeung tumorima kana, noon anu ayeuna keur dirasa. ulah lilo teuing teleum, dina rasa kanyeunyeurion. pedah jalan carita kahirupan teu, sojalan jeung nu dipikahayang. sabab eta sarua jeung, ngadoja aturan pangeran. Jembarkeun hate jeung pikiran, aturan pangeran mah moal nyilakakeun.

6. sing ikhlas tur tumarima, kana naon keur dirasa ayeuna. ulah lila teuing teuleum, dina rasa kanyeurian. pédah jalan carita kahirupan, teu sajalan jeung nu dipikahayang. sabab éta sarua jeung ngalawan. kana aturan pangeran. jembarkeun haté, aturan pangeran moal nyilakakeun.

7. “Kuring kudu ngaleupaskeun leungeun anjeun, sanajan hate teu sanggup, tapi waktu nu maksa.” (Aku harus melepaskan tanganmu, meski hati tak sanggup, tapi waktu yang memaksa.)

8. “Lamun ieu pamitan teh takdir, mugi kapanggih deui dina kahirupan nu langkung hadé.” (Jika perpisahan ini adalah takdir, semoga kita bertemu lagi dalam kehidupan yang lebih baik.)

9. “Dina unggal perpisahan, aya bagian tina hate nu tetep katinggal di tukang.” (Dalam setiap perpisahan, ada bagian dari hati yang selalu tertinggal di belakang.)

10. “Ulah hilap, sakali urang babarengan, salawasna urang bakal nyimpen kenangan ieu dina hate.” (Jangan lupa, sekali kita bersama, selamanya kita akan menyimpan kenangan ini di hati.)

11. “Meski jarak misahkeun urang, hate bakal salawasna ngahubungkeun.” (Meski jarak memisahkan kita, hati akan selalu menghubungkan.)

12. “Mangga wilujeng kantun ka sadayana abdi bade mios tipayun.” (Mari selamat tinggal semuanya, saya mau pergi duluan.)

13. “Wilujeng kantun, insyaallah sanes waktos abdi dongkap deui ka dieu.” (Selamat tinggal, insyaallah lain waktu saya datang lagi ke sini.)

Baca juga: 55 Contoh Ucapan Ulang Tahun untuk Sekolah

Yanuba Zahra
Yanuba Zahra

Yanuba Arifatuz Zahra adalah lulusan S1 UPN "Veteran" Jawa Timur jurusan Ilmu Komunikasi. Selama studinya, dia mengikuti magang di Campusight sebagai reporter dan jurnalis, memperkaya kemampuan menulis dan interpersonalnya. Di waktu senggang, ia senang menghabiskan waktu untuk membaca.

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *